Senin, 29 November 2010

Nangka Nangkub

lain teu percaya kana kasatiaan anjeun
lain rek ngatur kahirupan anjeun
lamun can kungsi patali janji mah teu nanaon

hoyong pacaket teh sanes bade ngalajur nafsu
aya rasa kahariwang nu teu biasa
ti waktu saminggu katukang

mun peureum asa gigiren..........
nangkarak asa luhureun
nangkuban asa handapeun

asa teu puguh rarasaan wae
hayang ngajeurit bari ngucapkeun ngaran anjeun

3 komentar:

  1. duh anu kabungbulengan !!!!
    sabar we akang

    BalasHapus
  2. emzz bisa nepiken kakituna ari aww nyua
    pantes disebut racun dunya teh!!

    BalasHapus
  3. Kade ah kg...nangkuban mh bilih ngaganjel tah..hihi

    BalasHapus