Selasa, 04 Januari 2011

Kiamat Atuh..???

peuting ieu simpe
lir ibarat simpena hate
kabayang raray salira
nyaliksik kana jiwa
tapi hate mah angger
teu bisa walakaya
sabab anjeun saurna aya nu boga

peuting ieu........
kuring ngan ukur bisa ninggali endahna langit
langit anu dipapaes ku bentang
jiga anu ngabeberah ieu manah

peuting ieu.......
kuring hayang rerendengan
sabab kuring kabita ku bulan nu keur paduduaan
bulan keur rerendengan jeung panon poe

aeh kiamat atuhnya.......

Senin, 03 Januari 2011

Melang

Hate teu bisa di bohongan
ieu raga muyung tungtung layung
ras emut ka salira anu nuju pundung

meusmeus melang ku hariwang
sok bilih anjeun teu mulang
mikeun cinta kanu lian

kuring teteng nganti-nganti
Piligenti wanci silih bintih nurih kapeurih
tapi keukeuh anjeun teu mulih
padahal kadeudeuh kuring tanpa pamrih

Selasa, 30 November 2010

Ca'ang Bulan Purnama

nyawang bulan di mumunggang
caang bulan opat belas...........
langit bengras taya tedeng aling-aling
alam lir ibarat keur suka bungah

bulan moncorong mani buleud
bentang-bentang mapaes endahna langit
endah pisan matak waas ninggalna

naha poe ieu mah langit teh caang
padahal biasana hujan wae tiap poe
kunaon atuh nya....?????
singhoreng di sarang ku mang rasman
sabab poe ieu aya nu hajat.

Senin, 29 November 2010

Asa Kacida

teu karasa.......waktu teh
ari ku kasiksa mah
anjeun teu ngarasakeun
pasiksana ieu awak

geus ampir saminggu.....
urang duaan sare teh patonggong-tonggong
omat......cukup saminggu ayeuna wungkul
ulah diteruskeun...ieu raga teu walakaya

naha atuh ngajak sare teh bet patonggong tonggong wae
anjeun hayang nonggongan dipan
nitah kuring nonggongan lalangit

Pasti Moal

lamun anjeun ninggali kuring duaan
rerendengan sareng wanoja nu langkung geulis
anjeun ngacay moal.........pasti moal

lamun anjeun ninggali kuring naek mobil BMW seri anyar
bari duit triliunan dina tas abdi
anjeun ngacay moal........pasti moal

lamun imah kuring jiga istana kpresidenan di bogor
bari selir gaduh sapuluh gareulis kacida
anjeun ngacay moal.....pasti moal

sabab kuring geus apal kana sifat anjeun
Anjeunmah ngacayna lamun pas sare wungkul

Saha Nu Lepat

Saha Nu lepat................
manah raheut taya lekasan
sanes hirup mah milari kabagjaan

saha nu lepat.................
peuting jadi sepi jempling
sanes raos pami aya nu maturan

saha nu lepat................
ngalengkah jadi asa ngalayang teu napak
boa-boa aing geus jadi kuntilanak

DI JUAL

bilih bade...........
abdi bade ngical ieu nyawa
kanggo ongkos ngapelan manehna

bilih bade.........
abdi bade ngical ieu raga
kanggo maskawin ka manehna

bilih bade..........
abdi bade ngical sagara
wios tong nganggo artos
asal di tukeuran ku cinta manehna

Nangka Nangkub

lain teu percaya kana kasatiaan anjeun
lain rek ngatur kahirupan anjeun
lamun can kungsi patali janji mah teu nanaon

hoyong pacaket teh sanes bade ngalajur nafsu
aya rasa kahariwang nu teu biasa
ti waktu saminggu katukang

mun peureum asa gigiren..........
nangkarak asa luhureun
nangkuban asa handapeun

asa teu puguh rarasaan wae
hayang ngajeurit bari ngucapkeun ngaran anjeun

Sieun Kuciwa

sanes hoyong dipikarunya........
pedah cimata remen ngalembereh
maseuhan sajadah peuting ieu

simpe....teu aya sora
padahal hate jumerit maratan langit
sugan dugi kana pangdangu Anjeunna

Duh Gusti.......................
Iraha atuh ieu harepan baris laksana
Iraha atuh bisa silih mika heman

Lain pedah ku pa'anggang
Tapi jiwa pinuh kahariwang
sok sieun manehna teu paheut kana janji

Minggu, 28 November 2010

Carpon - Beda

ku : Winendar Bisri

Asa karek kamari anjeun dihuapan teh, asa karek kamari anjeun nangis na lahunan asa karek kamari anjeun menta kapastian hirup nya saha atuh jalmana nu daek di dua cinta, lain teu ngarti ku kaayaan diri ngan jigana can nepi kana waktuna.

mun ras inget kajadian basa urang mimiti wanoh mah asa hayang seuri atuda, paingan cek urang jawa mah "witing tresno jalaran soko kulino".....cinta teh aya sabab ku biasa, biasa paamprok bareng, biasa jalan-jalan bareng, biasa tuang bareng, ah asa teu kuat lamun ras kana mangsa nu tos ka alaman ku urang duaan. "yank bade tuang ayeuna atanapi bade di pang ninyuhkeun kopi.?". lamun nyarita teh manehnamah sok dibarung ku imut nu ngagelenyu. asa nyeredet hate th mun ras emut bahasa anjeun anu, raray nu marahmay, teu weleh daria najan kadang sok dibentak, di kasaran....duh hampura geulis akang geus ngaraheutkeun manah salira.

Lain ngan ukur manehna padahalmah wanoja nu kungsi aya na hate teh, saur kang yanto mah kabogoh kuring nepi ka danget ayeuna teh nepika 148 jelema, hahaha jigana mun dikumpulkeun mah pimuh lapangan bola teh. rumasa kuring mah jalma anu bosenan, teu kaopan, mun kabogoh unggah adat teh sok tara dipalire deui, tapi duka atuh ku manehna mah teu bisa, padahal lain sakali kuring kuciwa, kanyaah teh aya bedana padahal umur ge meh beda 10 taunna, kadang sok disebut budak bolon. tapi kuring ngarasa reueus bisa ngadidik manehna, ayeuna mah geus dewasa laku lampahna teh, pipikiran, ucapanna ge geus beda jeung mangsa panggih dua tahun katukang. kadang sok mapagahan asa lain ka kabogoh ka anjeun mah, asa ka pamajikan.

sugan atuh aya wanci anu mustari kahayang mah kuring rarabi jeung manehna, neng ayu fitriyani antosan nya.

Bral Gera Miang

ku : Winendar Bisri

Waktos salira reumbay ku cimata
sabenernamah kuring teu tega
ngan dalah di kumaha............
da eta mah kaputusan anjeun nyalira

bingung mah bingung matak gering pikir
rek ngijinan bisi pajar geus teu micinta
ari teu ngijinan anjeun bakal leuwih kasiksa
mung ukur tiasa ngajurung ku du'a

kakasih...................
mun tos nepi kana waktuna mah
pasti moal kieu rarasaan teh
tapi duka iraha