Senin, 29 November 2010

Asa Kacida

teu karasa.......waktu teh
ari ku kasiksa mah
anjeun teu ngarasakeun
pasiksana ieu awak

geus ampir saminggu.....
urang duaan sare teh patonggong-tonggong
omat......cukup saminggu ayeuna wungkul
ulah diteruskeun...ieu raga teu walakaya

naha atuh ngajak sare teh bet patonggong tonggong wae
anjeun hayang nonggongan dipan
nitah kuring nonggongan lalangit

Pasti Moal

lamun anjeun ninggali kuring duaan
rerendengan sareng wanoja nu langkung geulis
anjeun ngacay moal.........pasti moal

lamun anjeun ninggali kuring naek mobil BMW seri anyar
bari duit triliunan dina tas abdi
anjeun ngacay moal........pasti moal

lamun imah kuring jiga istana kpresidenan di bogor
bari selir gaduh sapuluh gareulis kacida
anjeun ngacay moal.....pasti moal

sabab kuring geus apal kana sifat anjeun
Anjeunmah ngacayna lamun pas sare wungkul

Saha Nu Lepat

Saha Nu lepat................
manah raheut taya lekasan
sanes hirup mah milari kabagjaan

saha nu lepat.................
peuting jadi sepi jempling
sanes raos pami aya nu maturan

saha nu lepat................
ngalengkah jadi asa ngalayang teu napak
boa-boa aing geus jadi kuntilanak

DI JUAL

bilih bade...........
abdi bade ngical ieu nyawa
kanggo ongkos ngapelan manehna

bilih bade.........
abdi bade ngical ieu raga
kanggo maskawin ka manehna

bilih bade..........
abdi bade ngical sagara
wios tong nganggo artos
asal di tukeuran ku cinta manehna

Nangka Nangkub

lain teu percaya kana kasatiaan anjeun
lain rek ngatur kahirupan anjeun
lamun can kungsi patali janji mah teu nanaon

hoyong pacaket teh sanes bade ngalajur nafsu
aya rasa kahariwang nu teu biasa
ti waktu saminggu katukang

mun peureum asa gigiren..........
nangkarak asa luhureun
nangkuban asa handapeun

asa teu puguh rarasaan wae
hayang ngajeurit bari ngucapkeun ngaran anjeun

Sieun Kuciwa

sanes hoyong dipikarunya........
pedah cimata remen ngalembereh
maseuhan sajadah peuting ieu

simpe....teu aya sora
padahal hate jumerit maratan langit
sugan dugi kana pangdangu Anjeunna

Duh Gusti.......................
Iraha atuh ieu harepan baris laksana
Iraha atuh bisa silih mika heman

Lain pedah ku pa'anggang
Tapi jiwa pinuh kahariwang
sok sieun manehna teu paheut kana janji